Poé Senen wanci haneut moyan, panon poé
moncorong ti beulah wétan. Kampung Kembang anu katelah éndahna gégér ku
kajadian anu teu disangka
sacongo buuk ku warga satempat utamana Jang Agus, Jang Agus nyaéta budak bageur, pagawéan
sapopoéna jadi tukang ojég, ngojégna kawilang apik. Loba pisan anu mikaresep ka manéhna matak teu hélok mun
langganana loba, motorna gé meunang nyicil sorangan nepi ka lunas. Motor hadé
rawat, beresih nya luis. Tapi hanjakal dina poé kamari nasibna teu samujur
biasana. Saréréa gé teu nyangka sacongo buuk Jang Agus katipu meleg-meleg.
-o0()0o-
Poé Ahad rebun shubuh
saperti biasana Jang Agus indit ka Pangkalan Ojeg, Jang Agus teu boga firasat yén
dina poé eta manéhna bakal meunang musibah. Lila manéhna ngadagoan penumpang
anu can datang hiji-hiji acan. Bari maca koran manéhna ngopi ngadagoan rizqi
anu dipihapékeun Pangéran ka panumpang jang manéhna. Teu kungsi lila jol datang
lalaki awakna sembada maké jas hideung. Jang Agus geus nyangka éta lalaki bakal
ngagunakeun jasa ojeg manéhna, kabeneran poé eta panumpang keur sepi pisan,
Jang Agus bungah lalaki éta nyampeurkeun manéhna.
“Jang ojég” gero
lalaki éta.
“Muhun Pak” témbal
Agus.
Agus nyampeurkeun bari
nanya, “bade ka palih kamana pak?”
“Ka Kampung Daun Jang”
tembal lalaki éta bari gék naék dina motor.
Dereleng Jang Agus
nga-gas motorna.
Ditengah jalan anu
sepi katingali hiji warung, lalaki éta nepak kana punduk nitah Agus eureun.
“Kéla Jang nyisi heula
di warung éta, bapa hayang meuli rokok” pénta lalaki éta bari nunjuk ka warung.
“Muhun Pak” témbal
Agus bari markirkeun motor dihareupeun warung.
Teu lila si Agus
digeroan ku lalaki éta diajak ngopi bari réhat sakeudeung.
“Jang geus lila jadi
tukang ojég?” tanya lalaki éta.
“nembé tilu taunan
pak” témbal Agus.
“Ari sakola lulusan
mana?”
“Ti SMK pak jurusan
Tehnik Mesin”
“ooohhh lulusan Tehnik
mesin, Lebar atuh Jang ngan jadi tukang ojég mah”
“Nya da Pak kumaha
deui, sesah milarian damel teh ayeuna mah”
“Jang bapa téh
saleresna mah gaduh béngkél alit-alitan mah, keresa teu mun damel di béngkél
bapa? Kaleresan kirang padamelna teh, lumayan lah ari gajih mah sajutaan
sabulan, nya engké mah mun geus lami insyaAllah naék” tanya lalaki éta.
“kantenan atuh pak” témbal
Agus teu loba tatanya bari sumringah, bungah anu taya papadana.
Singkat carita. Lalaki
éta ujug-ujug nginjeum motor Agus, kusabab keur bungah Agus teu loba tatanya,
ujug-ujug golosor wé méré konci motor. Berengbeng lalaki éta ngaguluyur maké
motor Agus.
Selang sababaraha jam lalaki éta teu
balik deui, Gebeg Jang Agus reuwaseun lain meumeueusan. Kumaha boa mun motor
manéhna dibawa kabur. Bari tagiwur Jang Agus leumpang rurusuhan muru jalan. Waktu geus manjing ka ashar.
Hujan mimiti paparalakan. Barang nempo Jang Agus ngaronghéap, tukang warung
nanyakeun lalaki nu dijas hideung téa. Jang Agus teu bisa ngomong nanaon
kalahka hing waé ceurik teu inget dikalalakianna. Saréréa anu di warung olohok
mata simeuteun. Sanggeus leler ceurikna barabat Jang Agus ngadongéngkeun
lalampaham manéhna jeung si lalaki nu maké jas hideung téa.
Sanggeus kitu Jang Agus balik bari lungsé,
mawa kakeuheul nu taya papadana.
-o0()0o-
Jol ka imah Agus
lalungsé, teuing kumaha carana nyarita ka indung jeung bapana. Teu kungsi lila
bapana datang nyampeurkeun.
“Jang, naha gening
wayah kieu geus balik deui?”[1] tanya bapana si Agus.
Si Agus bingung kudu
ngajelaskeun kumaha. “muhun pa” témbal Agus teu loba basa.
“Kunaon jang, jiga nu baringung kitu?” Tanya
bapa panasaran[2].
Agus bingung ngajawab
patanyaan Bapa. Sieun jeung Éra sabenerna mah ngungkapkeun sagala kabingungan
dina haté. Lila Agus mikir kudu némbalan
patanyaan éta, Bapa kitu deui miluan cicing ngadadago jawaban ti Agus[3].
“héh kunaon Jang kalahka ngalamun, jiga nu baringung
kitu. Kunaon keur aya masalah nya? tanya Bapa[4].
“Ah kitu wé pa, puguh
nuju baringung ieu téh” bari tungkul éra ku diri sorangan.
“Bingung kunaon? Sok
wé atuh nyarita ka bapa da lain ka sasaha, piraku éra sagala”[5] ceuk Bapa.
“Nya kieu pa saleresna mah, Agus teh nembé kamusibahan”
“Innalillahi, nya kamusibahan
naon Jang?” tanya bapa.
Agus nyaritakeun
kajadian tadi beurang, bari inghak-inghakan ceurik.
Bapa ngahorenjag
reuwas bari gogodeg [6] ngareungeu carita Agus. Siga
nu can percaya ka caritaanna.
“Naha atuh Jang bisa
sagawayah kitu?[7]”
tanya Bapa ka Agus.
“Abdi gé awalna teu
nyangka lalaki éta jiga kitu, da
katingalina mah bageur pisan. Anjeunna nawisan padamelan ka abdi. Teu nyangka
sacongo buuk anjeuna gaduh niat kitu”
Agus nyarita bari ngahinghing ceurik teu eureun-eureun.
“Nya puguh gé ayeuna nuju
bingung kedah kumaha? Da lapor ka pulisi gé moal aya réspon ka jalmi alit jiga
urang mah pak”
“Nya jang bapa gé
ngarasakeun kabingung anu ku ujang dirasa ayeuna[10]” Ceuk Bapa bari ngaleng
tak tak kuring[11].
“abdi bingung pak, pan
éta motor téh hasil damel abdi. Ayeuna abdi bingung kedah damel naon deui, da
ngan motor éta hungkul sumber panghasilan abdi sadidinten”
“Enya bapa ge ngarti
jang” Bapa unggut-unggutan ngarti.[12] “tapi da kumaha jang ari
musibah mah saha nu hayang jeung saha nu apal, urang mah ngan bisa sabar, pasrah
ka pangéran, ieu téh cocoba”
“ujang sugan aya
rencana ayeuna kahareupna kudu kumaha[13]?” tanya bapa ka Agus.
“Nya paling énjing
abdi nyobian lapor heula ka pulisi, sugan mantuan ka jalmi alit jiga urang”
“Terus rencana ujang rék
gawé dimana sanggeus kamusibahan kieu? [14]Da bapa mah moal bisa
pangmeulikeun ujang motor anyar jang ngojég deukeut-deukeut ieu.”
Ditanya kitu Agus
bingung. Agus ngalamun mikir kahareupna kudu kumaha.
Keur ngahuleng kitu, Bapa
ngabuyarkeun lamunan Agus bari nepak tak-tak[15].
“Abdi bingung pa kedah
kumaha, saur bapa abdi kedah kumaha ayeuna?”
“Yeuh Jang tong loba
ngahuleung, keun wé musibah ieu sing jadi pelajaran jang urang kahareupna, tong
gampang percaya ka jelema saliwat. Motor anu leungit sing geura kagantian deui.
Sok ayeuna Ujang kudu mikir kahareup tong mikiran anu geus kajadian.” Papatah
Bapa ka Agus[16].
“muhun pak, paling ayeuna-ayeuna
abdi badé milarian heula damel ka kota, sugan wé aya pidameleun anu saé”
“ooohhh kitu[17]. Nya atuh mun kitu mah
bapa satuju pisan [18]. Engke ku Bapa Ujang
dipihapékeun ka Mang Uden da manéhna gé ayeuna gawé di kota di pabrik Tekstil.”
“Muhun pak mudah-mudahan
wé lancar sagala perkawisna”
“nya aamiiin. Nya geus
atuh hayu urang ka masjid, geus dur bedug magrib, ngadu’a ka Pangéran”[19]
“muhun pak”
-o0()0o-
Carpon ieu réngsé diserat dinten Salasa kaping 17 September 2013, tabuh
19.52 WIB
[1] Teknik
Rapport
[2] Teknik
bertanya
[3] Diam
sebagai suatu teknik
[4] Teknik
bertanya
[5] Teknik
Ekplorasi (Ekplorasi Perasaan)
[6] Perilaku
Attending
[7]
Teknik bertanya
[8]
Dorongan Minimal
[9]
Teknik Bertanya
[10]
Empati
[11]
Perilaku Attending
[12] Perilaku
Attending
[13]
Tenik Bertanya
[14] Tenik
Bertanya
[15]
Teknik Attending
[16] Memberi
Nasehat
[17] Dorongan
Minimal
[18] Refleksi
Perasaan (positif)
[19] Teknik
Mengakhiri
0 komentar:
Posting Komentar