Rani
mangrupakeun salah sahiji santri getol anu miboga kahayang pikeun jadi ustadzah
anu ténar. Manéhna boga kabisa anu leuwih ti santri anu séjén dina sagala
widang Basa, utamana Basa Inggris.
Kusabab
ningali kapinteran jeung kafasehan si Rani ngomong basa Inggris, hiji mangsa manéhna
dipilih ku Ustadzah Lilis salaku Sesepuh pasantrén putri pikeun jadi salah
sahiji utusan jang lomba pidato basa Inggris antar santri awéwé jeung lalaki
sapasantrén Darussalam.
Rani
kacida bungahna sabab manéhna dipercaya pikeun jadi wawakil ti pasantrén putri.
Acara lomba éta mangrupakeun acara gede anu diselenggarakeun ku pasantrén
sataun sakali. Saking ku bungah jeung sumangetna, Rani gancang nyiapkeun teks
sasuai jeung téma anu diwajibkeun ku panitia lomba. Soré isuk manéhna
ngapalkeun teks anu geus dijieun. H-3 lomba, manéhna latihan bari dibimbing ku
Ustadzah Lilis Jamilah salaku sesepuh pasantrén putri. Ustadzah Lilis muji kana
kafaséhan Rani.
Teu
kungsi lila tina waktu latihan, waktuna lomba datang, Rani geus siap lahir
batin tampil jadi wawakil unggulan ti pasantrénna. Manéhna geus nyiapkeun
méntal sangkan bisa tampil maksimal dihareupeun dewan juri jeung pimpinan
pondok pasantrén. Dukungan dukungan
ngalir ti babaturanana mulai ti babaturan deukeutna nepika babaturan
sakobongna.
Pas
datang ka tempat lomba, Rani rada gugup pédah ningali para pesertana
mangrupakeun saingan anu katelah jadi langganan juara. Tapi teu lila rasa percaya
diri Rani naék jeung manéhna yakin bakal bisa tampil maksimal sakamampuhan nana.
Para kontéstan dikumpulkeun di ruangan, terus dititah milih amplop, eusi
amplopna nyaéta nomor urut tampil. Rani kabagéan tampil rada tengah-tengah,
jadi manéhna bisa siap-siap bari ngapalkeun deui teks pidato sangkan engké dina
panggung lancar taya hambatan naon-naon.
Pas
waktuna tampil, Rani naék ka panggung, pas ningali penonton anu sakitu lobana
Rani mimiti geumpeur. Tapi manéhna geus boga tékad bakal nampilkeun pidato anu
alus. Manéhna embung nguciwakeun kapercayaan ti Pak Kyai. Der Rani ngamimitian
pidato, tapi ku sabab loba nu ngeprokan Rani nambah geumpeur, nepi ka
ditengah-tengah pidato Rani ngadadak poho teks pidatona.
Rani
geus teu puguh rasa kudu ngomong naon deui, akhirna kapaksa Rani nutup
pidatona. Penonton olohok bari kuciwa ku lalampahan Rani. Sanggeus turun tina
panggung, hing Rani ceurik kusabab éra ku Pak Kyai jeung sakabéh anu aya
didinya. Akhirna Rani gagal jadi juara pidato Basa Inggris.
Singkat
carita, Rani jadi éra panggih jeung Ustadzah Lilis salaku pembimbing manéhna. Rani
jadi trauma ngomong deui dihareupen jalma loba, manéhna sieun ngalakukeun
kasalahan anu sarua jiga basa keur lomba.
Hiji
mangsa Rani datang ka rohangan Ustadzah Lilis, manéhna boga niat rék ménta
hampura geus gagal jadi juara lomba.
“Assalamu’alaikum”
ceuk Rani bari ngetrok panto.
“Wa’alaikumusslam,
Eh Rani mangga lebet[1]”
témbal ustadzah Lilis bari mukakeun panto.
Ceeepp
karasa tiis suasana rohangan Ustadzah Lilis. Rapi, bersih, endah katingalina,
kitu kira-kira kaayaan rohangan ustadzah Lilis.
Jilbab
bodas jeung gamis hejo anu dipake ku Ustadzah Lilis rapi bersih, nandakeun yen
ustadzah Lilis konselor handal.
“Mangga
calik Ran”ceuk Ustadzah Lilis bari seuri[2].
“Muhun bu”
'“Kumaha
Rani damang? Tos lami teu ngobrol sareng Rani”
“Alhamdulillah
damang Bu” témbal Rani bari tungkul.
“Punten
nya Ran, nembe saurna Rani damang namung tina nada Rani nyarios Rani sapertosna
nuju sedih, janten kumaha ieu teh?[3]”
“muhun
bu kitu we, Bu abdi badé nyuhunkeun dihapunten perkawis lomba téa, abdi teu
tiasa janten juara, abdi atos nguciwakeun sadayana. Hapunten pisan”
“oohhh
perkawis éta, teu nanaon Ran, da éta mah namina gé diajar, tiap lomba pasti aya
nu kénging sareng nu éleh. Anggap wé éta janten pangalaman kanggo Rani.”
“Muhun
bu” témbal Rani bari tungkul deui.
“katingalna
nuju aya nu ngabeuratkeun émutan Rani[4],
nuju aya masalah?” tanya Ustadzah Lilis.
“ah
kitu wé bu”
“sok
atuh nyanggem ka ibu pami nuju aya masalah mah, sugan wé ibu tiasa
ngabantosan.”
“kieu
bu, abdi téh isin gara-gara anu kamari lomba”
“oohh
kitu naha bet isin? Isin pédah naon?”
“Nya
isin we bu ku sadayana, abdi teu tiasana nampilkeun anu saé“
“hemm
kitu, enya ibu gé ngartos[5],
teras naon deui anu janten émutan?
“abdi
janten trauma bu ngiringan lomba deui, abi alim deui ngiringan lomba lomba”
“naha
kitu? Emang naon anu nyababkeun Rani alim deui ngiringan lomba”
“abi
teu tiasa bu nyarios dipayuneun jalmi seueur, utamina payuneun Pak Kyai sareng
ustadz ustadzah, abi mah geumpeur pisan bu ningal jalmi seueur teh”
“naon
anu nyebabkeun Rani geumpeur pami ningal jalmi seueur?[6]”
“nya
kitu we bu, abi sieun ngalakukeun kalepatan pami nyarios payuneun jalmi seueur
teh”
“ooohhh kitu, muhun ibu ngartos, teras naon
deui?[7]
“kadua
abi sok geumpeur pami jalmi-jalmi pandanganna ningali ka abi,”
“hemmm,
sok teras jelaskeun naon deui anu sok nyababkeun Rani geumpeur pami nyarios
payuneun jalmi seueur teh[8]?”
“teras
abdi sieun pami abi lepat nyarios di payun, engke abi dipoyokan ku batur”
“Aya
deui faktor anu nyebabkeun Rani geumpeur salain ti eta?”
“nya
sakitu panginten bu anu diraos abdi kamari nuju lomba mah”
“ooohh
janten Rani sok geumpeur nyarios dipayuneun jalmi seueur teh ngawitan nana
gara-gara sadaya pandangan na ningali ka Rani, teras kadua Rani sok geumpeur
pami jalmi-jalmi pandanganna ningali ka Rani, katilu Rani sieun pami Rani lepat
nyarios di payun, engke Rani dipoyokan ku batur[9]?
Kitu panginten nya kinten-kinten na mah?[10]
“muhun
bu”
“biasana pami Rani bade maju ka panggung, Rani
sok ngalakukeun kumaha heula supados geumpeurna teu aya?”
“Nya
paling biasana mah abi sok narik napas teras ngaluarkeun nana sababaraha kali,
supados geumpeurna ngirangan”[11]
“Muhun
sae pisan”
“teras
salian eta Rani sok kumaha deui supados teu geumpeur?”
“Nya
biasana mah kitu hungkul bu, pami saur ibu abi kedah kumaha deui pami bade
nyarios payuneun jalmi seueur supados teu geumpeur?
“kumaha pami kieu, pami Rani bade naek panggung, cobi salian narik nafas, sok Rani bayangkeun perkara-perkara anu endah anu ngabageakeun Rani saperti Rani juara pas lomba pidato , sanggeus kitu Rani bayangkeun perkara tadi anu nimbulkeun Rani geumpeur. insyaAllah eta kageumpeur teh ngirangan, kumaha tah?”[12]
“ohh
kitu bu, muhun engke ku abdi bade dicobi”
“teras
ayeuna kumaha Rani hoyong deui pan nyarios payuneun jalmi seueur?
“insyaAllah
bu ayeuna mah abi bade diajar deui nyarios payuneun jalmi seueur”
“Atos
tabuh 12 Ran, sakedap deui lohor”
“oh
muhun bu abdi ge bade siap-siap netepan, hatur nuhun bu tos ngabantosan abi”
“muhun
sami-sami Ran”
“assalamu’alaikum”
“wa’alaikumussalam”
[1] Teknik
Rapport
[2] Perilaku
attending
[3]
Konfrontasi (kontradiksi antara ungkapan verbal dan non verbal)
[4] Invitation
to talk
[5]
Penerimaan/menunjukkan pengertian
[6] Analisis
perilaku yang menyebabkan kecemasan (Terapi Behavioral- Teknik Desensitisasi Sistematik)
[7]
Penerimaan/menunjukkan pengertian
[8]
Permintaan untuk melanjutkan
[9] Menyusun
tingkat kecemasan dari yang terendah hingga yang tertinggi (Terapi
Behavioral-
Teknik Desensitisasi Sistematik)
[10]
Diagnosis
[11] Memberikan
latihan relaksasi otot (Terapi Behavioral- Teknik Desensitisasi Sistematik)
[12]Usul/Saran.
Konselor Mengajak klien membayangkan
hal-hal indah setelah itu dibarengi dengan hal-hal yang menimbulkan kecemasan
tadi. (Terapi Behavioral- Teknik Desensitisasi Sistematik)
0 komentar:
Posting Komentar