Senin, 04 November 2013

CARPON KONSELING: CIPANON PANUNGTUNGAN



Ngiiinngg gujes gujes…. Sora karéta nu kacida tarikna ngahudangkeun kuring tina lamunan. Harita kuring bener-bener keur baluweng. Jero pikir naha bener peta kuring kawas kieu téh? Enya tapi kudu kumaha deui atuh?
Kaayaan stasion kacida raména. Jalma nu turun jeung nu naék kana karéta silih séréd na lawang panto karéta. Nu ti luar buru-buru hayangeun naék, sieun béakeun tempat diuk. Kitu deui nu ti jero hayangeun buru-buru turun. Kacida atuh sajam di jero karéta. Komo deui ieu karéta ekonomi. Nya panas, pagegelek, tambah deui paséréd-séréd jeung tukang dagang.
---

Hiji mangsa kuring ngalamun saperti biasa ningalikeun kaayaan sakitar stasion anu kaayaan na teu jauh beda ti sasari, keur nempokeun kitu téh asa aya nu ngageroan. Pareng dirérét, enya wé gening babaturan kuring ngageroan.

“Di, buru naék! Manéh rék milu moal?” babaturan kuring ngagorowok ti lawang karéta. Kuring asa-asa rék milu téh, teuing kunaon poé ieu asa teu purun. Meureun gara-gara béda niatna jeung poé-poé biasana. Tapi da kumaha deui, kuring inget ka indung nu keur di imah.

“Heueuh tungguan, kuring ngilu euy!” témbal kuring.

Teu kungsi sababaraha menit sanggeus kuring naék, karéta ngageuleuyeung ninggalkeun stasion. Ninggalkeun kalangkang haté kuring anu tinggaleun keur baluweng sorangan di sisi rél karéta.

Jalma-jalma nu tinggaleun lalumpatan moro karéta. Nya bongan éta mah résikona nu kabeurangan. Karéta mah tara ponténg ka nu konéng. Saha waé anu teu ngahargaan kana waktu, nya ditinggalkeun. Rék nu sangsara, rék nu beunghar.
Geus sababaraha kali eureun di sababaraha stasion, karéta beuki pinuh baé ku muatan. Kaayaan kieu téh keur muatan mah kacida nyiksana, komo keur tengah poé siga kieu mah. Tapi béda deui ari keur jalma-jalma pantar kuring mah, kaayaan saperti kieu téh jadi berkah.

Babaturan anu tadi ngageroan, noél taktak kuring. Sajongjonan mah kuring ngagebeg. Ngaran babaturan kuring téh Codét, éta landian sapopoé manéhna. Nepi ka ayeuna kuring teu apal saha ngaran aslina si Codét. Heueuh da wawuhna jeung manéhna téh kakara sababaraha bulan ka tukang, bubuhan tempat gawé kuring jeung manéhna téh sarua na karéta. Lila-lila kuring jeung si Codét jadi nyobat. Umurna mah 15 taun, méh saumur jeung kuring.

“Héh Di, siap teu?” haréwos si Codét. Haté kacida ngageterna.
“Kaayaan geus alus euy! Kuring beulah ditu, manéh beulah dieu nya,” ngaharéwos deui kana ceuli.
“Tapi omat, manéh tong sagawayah. Kudu bener-bener mulus. Lamun henteu, manéh paéh.”

Ngadéngé kitu beuki ratug waé haté téh. Kuring cicing, teu némbalan omongan si Codét. Késang nu ngagarajag na tarang beuki morolok. Rarasaan mah asa baseuh saawak-awak. Si Codét geus indit tiheula ka beulah ditu ninggalkeun kuring sorangan anu keur kebek ku rasa honcéwang.
Haté leutik mah embung milampah ieu téh. Tapi manéhna keukeuh ngudukeun. Kumaha atuh? Sakali deui kuring inget ka indung nu ngalempréh di imah, sorangan. Kuring gé nyaho, ieu téh salah. Tapi lamun ngandelkeun pagawéan kuring sapopoé mah, moal bisa nulungan ka indung. Taya deui jalan lain nu kapikir ku kuring salian ti milampah ieu pagawéan.

Bari asa-asa kuring ngaléngkah, haté geus teu puguh rasa. Keteg jajantung mani asa beuki tutunggulan. Kuring beuki honcéwang baé.
Targét! Eta kuring ges manggihan target. Kalah anteng nginget-nginget deui sagala rupa nu diajarkeun si Codét. Kuring ngadeukeutan targét, tuluy nyodorkeun leungeun kana kantong. Harita aya saliwat kapikir rék mundur waé, tapi da geus kagok.

Késang beuki ngoprot. Kaayaan di jero karéta beuki ramé ku tukang dagang nu bulak-balik bari tingjorowok. Leungeun asa ngadégdég pisan. Sanggeus kacekel barang nu ti tatadi ditéangan, buru-buru éta barang téh diasupkeun kana jékét.

Kakara gé ngaléngkah, kuring reuwas aya nu nyekelan leungeun kuring sabeulah. Dituturkeun ku sora ibu-ibu nu ngagorowok. Ti dinya kuring geus teu puguh rarasaan. Kuring diteunggeul, ditajong, dicangkalak nepi ka ngagolér. Kuring ngagorowok, ngajerit, tapi taya saurang gé anu nulungan. Kuring geus teu ngarti naon anu dijorowokkeun ku kuring. Baham geus karasa asin pinuh ku getih.


Saliwat kuring ngarasa boga harepan. Si Codét, babaturan kuring datang mariksakeun ka kuring. Tapi nangénan si Codét ninggalkeun deui kuring nu keur sumedang pinuh ku getih, harita kénéh éta harepan téh musna. Haté kuring nyesek, beurat asa katindihan batu anu kacida gedéna.
Kuring tuluy diteunggeulan teu eureun-eureun. Sora jalma na karéta ting jarerit.

Awak kuring di mana? Kuring geus teu bisa ngarasakeun deui awak nu napel na diri kuring . Kuring geus teu kuat. Taya saurang-urang acan anu nulungan.
Ras ingetan kuring ngalayang ka indung anu keur di imah, sorangan. Meureun keur anteng nungguan kuring datang. Haté ngarasa kaduhung anu pohara, teu bisa dikukumaha. Kuring ngagolér sorangan di tengah-tengah gerbong karéta. Bener-bener geus teu kuat.

“Maaaa, hampura Udiiii”. Haté kuring norowélang menta hampura ka indung. Panon karasa panas, baseuh. Baseuh ku cimata.
---
Sanggeus kitu kuring balik ka imah, Emak ngahorenjag reuwas ningali kaayaan kuring anu pinuh ku getih. Kuring bingung kudu ngajelaskeun naon ka Emak. Kuring ngarang carita asal-asalan sangkan Emak percaya kana omongna kuring. Emak teu loba tatanya, manéhna tuluy ngubaran awak kuring anu remuk.

Salila tujuh poé kuring ngaringkuk di imah teu wani kaluar imah, kuring geus tara panggih jeung si Codét. Kuring geus terlanjur nyeri haté ku manehna

Hiji mangsa kuring datang ka imah babaturan, wastana Revi. Manéhna kuliah di Bandung. Kabeneran ayeuna manéhna keur pakanci. Maksud kuring datang ka manéhna kahijina rék silturahmi, sabab geus sataun teu panggih jeung si Revi.

“assalamu’alaikum” kuring ngetrok panto imah si Revi.
“wa’alaikumussalam” kareungeu sora ti jero imah. Teu kungsi lila indung Revi mukakeun panto. “éééhh Jang Udi mangga lebet, badé ka Revi? Ké antosan sakedap”.
“muhun bu” kuring asup ka imahna bari gék diuk di ruang tamu. 

Teu kungsi lila Revi datang.
“Eh Udi Assalamu’alaikum di, sugan téh saha, cageur?”[1] ceuk Revi bari ngasongkeun leungeun na.
“Kumsalam, Alhamdulillah Vi cageur, kumaha manéh cageur?”
“Alhamdulillah cageur.”
“Kumaha Vi di Bandung téh betah?” tanya kuring ka Revi.
“ah nya kitu wé di, sabetah-betahna ge di lembur batur. Inget we ka lembur sorangan mah. Tapi da kumaha deui geus kawajiban” tembal Revi bari sura seuri. “Ari manéh ayeuna gawé?”[2]

Kuring bingung ngajawab patanyaan ti si Revi. Éra sabenerna mah ngungkapkeun sagala kabingungan dina haté. Lila kuring mikir kudu némbalan  patanyaan éta, si Revi kitu deui miluan cicing ngadadago jawaban ti kuring[3]. Tapi da éta téh lain sasaha, kuring jeung si Revi geus nyobat ti baheula.

“héh di kalahka ngalamun, jiga nu baringung kitu. Kunaon keur aya masalah lain[4]? tanya Revi.
“Ah kitu wé Vi, puguh keur baringung ieu téh” bari tungkul éra ku diri sorangan.
“Bingung kunaon? Sok wé atuh nyarita ka kuring da lain ka sasaha, pan urang jeung maneh geus nyobat lila, piraku éra sagala”[5] ceuk Revi.
“Nya kieu Vi sabenerna mah, kuring ayeuna keur nganggur Vi geus saminggu leuwih. Bingung kudu néangan gawé kamana. Karunya ningali indung geus rérémpo euweuh nu pangusahakeun.”
“oh kitu[6].. Ari baheula gawé naon kitu[7]?” tanya Revi ka kuring.
“Manéh tong reuwas nya Vi.” Pamenta kuring ka manehna.
“Heeh moal atuh, nya gawe naon kituh?”
“Nyopet Vi” ceuk kuring bari tungkul ngucurkeun ci panon. Kabayang kajadian saminggu katungang. Nyeri.
Revi bangun ngorenjag reuwas nagreungeu jawaban kuring.
Astagfirullah diii maneh teu salah ngomong?” tanya Revi bari matana molotot bari pindah tempat diuk jadi gigireun kuring.
“Heeh Vi, kuring kaduhung mun inget kajadian saminggu katukang”, norowelang kuring nyaritakeun kajadian eta ka Revi. Revi unggut-unggutan bari sasakali gogodeg[8]. Siga nu can percaya ka caritaan kuring.

“Naha atuh maneh bisa kabawa sakaba-kaba ku si Codet?[9] tanya Revi ka kuring.
“Kuring ge awalna teu nyangka si Codet jiga kitu, ngan lila kalilaan kuring geus buntu kudu neangan gawe nya kapaksa kuring mimilu ka si Codet”.

“Hemmm kitu[10], terus ayeuna kumaha atuh[11]?”
“Nya puguh ge ayeuna keur bingung kudu gawe dimana? Karunya ka indung geus rerempo. Bingung Vi ayeuna kuring kudu kumaha?”
“Nya dii kuring ge ngarasakeun kabingung anu ku maneh dirasa ayeuna[12]Ceuk Revi bari ngaleng tak tak kuring[13].
“Maneh sugan aya rencana teu hayang gawe dimana[14]?” tanya Revi ka kuring.
“Kamari mah Mang Aep ngajak gawe di Jakarta jadi kuli panggul di pasar induk, terus Mang Nana ge nawaran gawe di Bandung cenah jadi tukang beberesih (Cleaning Service)”
“Terus tina dua pilihan eta maneh hayangna nu mana[15]? Jadi kuli panggul atawa jadi cleaning service?
Didinya kuring mimiti mikir deui. Pilihan nu ngabingungkeun, sabab mun jadi Kuli Panggul kuring yakin ieu pagawean beurat, gawena di Jakarta. Kuring karunya ka Emak lamun ninggalkeun jauh ka Jakarta. Lamun jadi Cleaning Service, kuring bingung na can boga pangalaman. Sabab di imah ge boro-boro ngepel, sasapu ge tara pisan.
Keur ngahuleng kitu, Revi ngabuyarkeun lamunan kuring bari nepak tak-tak[16].
“Yeuh di, tong loba teuing mikir ayeuna mah, sok kuring yakin manéh pasti geus boga pilihan salah sahiji tina dua éta, ngan manéh can panceg dina pilihan éta pan?[17]sok ayeuna anu kira-kira pibetaheun gawé na anu mana?
“Jigana mah nu rada ngeunah mah sih jadi Cleaning Service, gawéna teu beurat jiga kuli panggul” témbal kuring.
“Nya alus atuh ari maneh geus boga pilihan kitu mah kuring satuju[18], tinggal niat ti ayeuna mah jadi jelema bener, tong sakali-kali deui milampah pagawean jiga baheula”
“Heeh Vi kuring ge kaduhung ayeuna mah, kuring geus niat rek ngabageakeun indung meumpeung aya keneh, hayang jadi jelema bener ayeuna mah Vi” ceuk kuring.
“Heeh alus atuh kudu boga niat alus[19]
“Nya urang ge niat ayeuna mah rek mohokeun kajadian baheula, paripolah urang anu goreng rek saeutik-saeutik ditinggalkeun” tekad kuring.
“Nya sok ayeuna mah tina hasil urang ngawangkong ti tadi, susun rencana kahareupna hirup maneh rek kumaha[20], iraha rek mimiti milu gawe ka Bandung na[21]?” tanya Revi.
“Minggu hareup ceuk Mang Nana mah, nya urang rek fokus gawe ayeuna mah, watir ka kolot”
“Nya alus kitu mah, jadi kumaha ayeuna masih bingung kénéh teu mikiran pagawean teh?[22] Tanya Revi bari nepak tak-tak kuring[23].
Kuring némbal ku seuri hungkul. Héhé

“Teu karasa gening nya geus soré deui ieu téh[24]omongan Revi nyadarkeun kuring yén kuring kudu buru-buru balik ka imah.
“Éh heueuh Vi geus soré gening, nuhun ah geus ngareungeukeun carita kuring. Du’akeun wé mudah-mudahan gawéna lancar”
“Nya sok di didu’akeun pisan”
“hayu ah Vi kuring balik heula, karunya Emak kuring nungguan di imah sorangan”
“Oh nya salamkeun wé di ka indung manéh”
“InsyaAllah engké dibéjakeun, hayu ah Assalamu’alaikum” Kuring sasalaman bari ngaléos kaluar ti imah Revi.
“Wa’alaikumussalam Wa Rohmah” témbal Revi. 

Sabalik ti imah Revi kuring mancegkeun haté, niat sangkan jadi jelema bener. Nepi imah kuring ngagabrug kana pangkonan Emak ménta dihampura. Kuring ménta hampura, ngedalkeun sagala rasa kateungeunah nu aya dina manah. Ngaguk guk kuring ceurik dina pangkonan Emak, kitu deui Emak milu ngagukguk baru ngusapan sirah kuring.
“Mimiti danget ieu kuring mancegkeun haté sangkan rubah jadi jelema “Hampura Udiii Emaaaakkk” bari rambai ci panon. Ieu cipanon panungtungan kuring.

---

Cerpen ieu rengse diserat, kaping 8 September 2013, tabuh 22.00 WIB



[1] Teknik Rapport (pemberian salam yang menyenangkan)
[2] Teknik Bertanya
[3] Diam sebagai suatu teknik
[4] Teknik bertanya
[5] Teknik Ekplorasi (Ekplorasi Perasaan)
[6] Dorongan Minimal
[7] Teknik Bertanya
[8] Perilaku Attending
[9] Teknik bertanya
[10] Dorongan Minimal
[11] Teknik Bertanya
[12] Empati
[13] Perilaku Attending
[14] Tenik Bertanya
[15] Tenik Bertanya
[16] Teknik Attending
[17] Mengambil Inisiatif
[18] Refleksi Perasaan (Positif)
[19] Refleksi Perasaan (Positif)
[20] Merencanakan
[21] Teknik Bertanya
[22] Menyimpulkan
[23] Teknik Attending
[24] Teknik Mengakhiri

0 komentar:

Posting Komentar